Warnamala Aksara Sunda

ᮞᮙ᮪ᮕᮥᮛᮞᮥᮔ᮪.
ᮔᮨᮓ ᮝᮤᮓᮤ ᮍᮕᮥᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮕᮧᮞ᮪ᮒᮤᮍᮔ᮪ ᮊᮀ Panji Topan Bahagia, ᮔᮥ ᮙᮀᮛᮥᮕ ᮕᮨᮓᮛᮔ᮪ ᮔᮥᮊᮎᮤᮓ ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮨᮜ᮪ᮔ

Ngarah sarwa urang diajar ngeunaan aksara Sunda Kuna nu bihari aya di Pasundan, ciri jeung béda na jeung sistim tulisan séjén nu ayeuna dipaké. Latén aya “Alfabét” … Arab aya “Abjad” … nya naon ngaran kumpulan-aksara Sunda Kuna? …

Aksara Sunda Kuna beunang mawa ti India, minangka turunan ti aksara Pallava nu kungsi dipaké di Tarumanagara kira-kira abad ka-5 M. Di na sastra, rupa-rupa aksara éta disebut “Warnamala” – वर्णमाला, Va.RṆa.Mā.Lā – ti na:

वर्ण m. – varṇa ~ color, description; rupa-rupa, berbagai.
माला f. – mālā ~ string of beads, garland; roncéan kembang atawa kalung manik-manik.

Jadi, harti na “susunan rupa-rupa aksara, anu dikelompokkeun, silih-kait, di na ngawangun kecap jeung basa” ; aksara dimisalkeun kembang anu dironcé jadi kecap jeung basa satuluy na.

WARGA AGEUNG

Susunan aksara dimimitian ku “sora” – vokal heula … lain A, B, C, D siga Latén, nyaéta:

A I U E Ĕ O || Ā Ī Ū É Ai Au Ṛ Ḷ || 14 aksara swara anu kacutat di prasasti Cimaragas; panjang, pondok, jeung diftong/gabungan-vokal. Beda jeung sistim modern, vokal [É] taling, conto: méré, dianggap diftong [ei]. Ulah poho aya 3: é, e, eu di Sunda; geus karekam ti mangsa awal Galuh. Asli na aya tambahan 2 vokal panjang [Ṝ] “rreuu” jeung [Ḹ] “lleuu” ngan ieu jarang pisan dipaké, ongkoh euweuh di na daptar माहेश्वर सूत्र – Māhéśvarā Sūtrā Rsi Panini.

Laju ka “sparsa” ~ konsonan, nu kudu dibarengan ku vokal; vokal [_a] alamiah di na unggal konsonan. Dina pustaka Chandakirana disebut “warga anu 25” ti [Ka] nepi [Ma]; 5 sahaya (kelompok), unggal sahaya 5 aksara; आद्याः स्पर्शाः पञ्च ते पञ्चवर्गाः – ādyāḥ sparśāḥ pañca te pañcavargāḥ.

Ka K˧a Ga G˧a Ŋa || 5
Ca C˧a Ja J˧a Ña || 10
Ṭa Ṭ˧a Ḍa Ḍ˧a Ṇa || 15
Ta T˧a Da D˧a Na || 20
Pa P˧a Ba B˧a Ma || 25

Laju ka “awarga anu 8”, 2 sahaya na; 4 Antahstha; semi-vokal jeung 4 Ūṣman; ngosom “s”, aya hawa

Ya Ra La Wa || 4
Sa Ṣa (sya) Śa (sha) Ha || 4

Sakitu Warnamala WARGA AGEUNG, luyu ciples jeung tata-tulis Sansekerta.

WARGA ALIT

Di sekitar pertengahan mangsa kuna, aya perobahan di na tata-tulis, sabab LOBA AKSARA SANSEKERTA ANU HÉSÉ DIUCAPKEUN KU LÉTAH SUNDA … Mana bijil WARGA ALIT, anu MUPUS 10 WARGA, jadi ukur 15 warga nu dipaké.

Ka Ga Ŋa || 3 ; Ca Ja Ña || 3
ṬRa || 1 ; Ta T˧a Da D˧a Na || 5
Pa Ba Ma || 3

Kitu gé sora “s” jadi ukur 1

Ya Ra La Wa || 4
Sa Ha || 2

Tambihan perobahan di na Warga Alit

1 wangun [C˧a] dibaca [Ca]
2 wangun [Ṭa] (tta) dibaca [TRa]
3 wangun [Ṭ˧a] (ttha) dibaca [T˧a]
4 wangun [Ḍa] (dda) dibaca [D˧a]
5 pasangan [_P˧a] dibaca pasangan [_Pa] – biasa
6 pasangan [_Ṣa] (Sya) dibaca pasangan [_Sa] – biasa
7 pasangan [_B˧a] dibaca pasangan [_Ba] – biasa
8 Make “layar” – [_r] final, lain pasangan [R_] “repha”
9 [_k] “k” final, lain K# paten, lain pasangan [K_] atawa [_K]

Jadi, teu bisa aksara Sunda Kuno dibandingkeun jeung urutan Alfabét atawa Abjad … sabab béda kaayaanana, béda jalur na.

ANGKA
Di Sunda, “notasi angka” diwujudkeun ku AKSARA, jadi aksara bisa ngawujud “sora” atawa angka/bilangan:
0 – sunya
[Ga] 1 – hiji/sa
[Ro] 2 – dua/ro
[Ḷ] (dibaca: Leu) 3 – tilu/tlu
[Ru] 4 – opat/pat
[Rur] 5 – lima
[U] 6 – genep/nem
[La] 7 – tujuh
[Ca] 8 – dalapan
[Da] 9 – salapan
Sistem ieu disebut “aksarapalli” ~ aksara nu dibaca angka
aya 2 cara nulis angka:
* Cara biasa; ti kénca nu GEDE heula
conto: genep rebu saratus dua puluh tilu busur – 6123 busur (panjang)
* Cara Kawi / Sastra / Sansekerta; ti kénca nu LEUTIK heula
conto: nuliskeun tahun saka 1421 – “Ratu Nyikep Jala Tunggal”
Ratu (raja) watek 1
Nyikep (unun; dua tapak leungeun dirakep) watek 2
Jala (cai) watek 4
Tunggal watek 1
Ratu Nyikep Jala Tunggal – 1 2 4 1 = Sarebu Opat Ratus Dua Puluh Hiji
jadi nu dituliskeun ti kénca nu PANG-LEUTIK na heula: satuan – puluhan – ratusan – ribuan.
Biasa na sok dipaké jang nuliskeun sengkalan; ilu cara Sansekerta.
Aturan bilangan Sansekerta maké kaidah “angkanam vamato gatih” ~ bilangan maca na tibalik.
अङ्केषु शून्यविन्यासाद् वृद्धिः स्यात्तु दशाधिका ।
तस्माज्ज्ञेया विशेषेण अङ्कानां वामतो गतिः ॥
aṅkeṣu śūnyavinyāsād vṛddhiḥ syāttu daśādhikā |
tasmājjñeyā viśeṣeṇa aṅkānāṃ vāmato gatiḥ ||
(महासुभाषितसंग्रह, maha-subhashita-samgraha 259)
Mana aya sunya [0] ditempatkeun di sisi hiji angka (ka katuhu), ngagedéan 10x. Ti dieu bisa katingali lamun bilangan maca na tibalik.
* Maksud na, bilangan Sanskrit dimimitian ti nu leutik heula: satuan (10^0) puluhan (10^1) ratusan (10^2) … jst. Ari maca na tibalik (वामतया adverb – vAmatayA – perversely).

 

Penulis Panji Topan Bahagia.

Leave a Reply

Your email address will not be published.